Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/212

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
213
 

Ki Sentika nyabut pedang,
Radén Ahmad seug nyabut pun kilat pecut,
Wiramay Wirasentika,
Barang maju raka rayi.

26.

Sebrut nu buwuk nu medang,
Seug dipapag pangnyuduk panyedang deui,
Keris jeung pedang nyi pecut,
Bubuk kerisna jeung pedang,
Wiramaya jeung Wirasentika ngabulucun,
Parandene teu kasorang,
Maju pasang kanan keri.

27.

Ti kénca Wirasentika,
Seug dibabuk ku ajimat ku cameti,
Wiramaya deui rubuh,
Jol ti tengen Ki SEntika,
Dibalikeun ku Ahmad bek dipecut,
Ngajumpalik Ki Sentika,
Pada rubuh ti jumpalik.

28.

Ting hareugung duwanana,
Dasar tedaking perjurit,
Hanteu ngarasakeun ripuh,
Ting aresob (sic!) duanana,
Ku Dén Ahmad diantep dating ka nyusud,
Teu lila jeung pada guguh (sic!),
Pada nangtung jag-jag deui.

29.

Sebrut deui rék amedang (?),
Dipapagkeun deui ku Ahmad ku cameti,
Jebét deui bleg nyaruuh,
Wiramaya Wirasentika,
Teu dirasa tedaking perjurit punjul,
Wiwirang nu dikanjutan,