Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/213

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
214
 

Kaéra nu dikantongi.

30.

Peuting ku sinting duaan,
Tambah aso (?) janggélék tapi deui,
Jamak musuh apiya pamuk (?),
Dén Ahmad nepak kantong,
Ménta-ménta kana kantong gedé luhur,
Cleg Dén Ahmad rupa,
Yaksa ngaos aji berahma geni.


31.

Barang rét Wirasentika,
Hanteu kagét gedé ngajungkiring,
Wani ku bakating ku nafsu,
Sebrut deui duwanana,
Arék néwak katéwak ku Ahmad jemur,
Wiramaya Wirasentika,
Ku Ahmad enggeus kacangking.

32.

Cara dalang nyekel wayang,
Wiramaya jeung Wirasentika deui,
Ku Ahmad enggeus // kajungjung,     (108)
Barang rék diadu kumbang,
Wiramaya ngabatituna jeung ampun,
Aduh Radén dues tobat,
Seja taluk pasrah diri.

33.

Sumawon diadu kumbang,
Ku cekel ogé ieu panas liwat saking,
Radén Wiramaya imut,
Kana wewekas ramana,
Ngalamsimbang ieu Ahmad putra jemur,
Ceuk Radén sesatkeun heula,
Agan anom neda adil.

XXXV. Sinom