Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/215

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
216
 

Nyebut Ahmad putra jemur,
Wiramaya Wirasentika,
Cedok nyembah matur tadim,
Nun sumuhun sim abdi hatur uninga.

5.

Jadi wiréh pun bapa,
Jeung rama ratu jin murid,
Réhna abdi di Habsah,
Jadi Senapati jurit,
Ditawar digajey (?) sakti,
Ngalingga papak pinunjul,
Amung jaga pagétona,
Piapesenana jurit,
Ku putra sang putra jemur ngaran Ahmad.

6.

Kitu unggeling pun bapa,
Geus ditaros titatadi,
Wiramaya jeung Sentika,
Ngaran abdi sareng adi,
Rahadén Ahmad ngalahir,
Sukur sujud ka Yang Agung,
Lantaran jadi baraya,
Marga tina perang jurit,
Urang atur basa // ka sampéan.       (109)

7.

Pantes kula nyebut akang,
Mun kitu kantenan tadi,
Sumuhun ceuk Wiramaya,
Ngiring sakersa Gusti,
Gancangna anu digurit,
Teu lami deui kacatur,
Geus jengkar Radén tiluwan,
Mulih ka nagari Mesir,
Teu dicatur lamina mah dijalana.