Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/216

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
217
 
8.

Dén Ahmad muka éndongna,
Étang (sic!) nu dieusi putri,
Nya éta putri Siti Bagdad,
Enéng putri enggeus bijil,
Nya éta ti jero katil,
Wiramaya kagét langkung,
Sarawuh Wirasentika,
Sami bengong ningali,
Beuki isin Wiramaya ku Dén Ahmad.

9.

Siti Bagdad seug unjukan,
Kutan iyeu sir nagari,
Leres saur Dén Ahmad,
Jeung baé urang badami,
Ayeuna seug urang mulang,
Deuheusan rama Dén Ayu,
Ulah sareng reujeung Engkang,
Wayahna nyalira Nyai,
Ari Engkang rék mulih ka kebon kembang.

10.

Matur deui Siti Bagda,
Kumah Engkang sim kuring,
Upama dongkap ka mama,
Kantenan marios pasti,
Nu tumabélana abdi,
Rahadén Ahmad nyaur,
Heg baé ku Nyai jawab,
Tatapi sing hade Nyai,
Kiyeu Enéng pikeun unjukan ka mama.

11.

Abdi téh duka ku saha,
Geus pasti kersa Yang Widi,
Kawas aya nu mawa,
Bet ras élinggeus aya di Mesir,