Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/217

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
218
 

Kitu baé hatur rayi,
Poma sulaya ti kitu,
Siti Bagdad matur mangga,
Ngiring sakur sajeng Gusti,
Mangga atuh urang Engkang pileuleuyan.

12.

Kantun luhurna bangkalan,
Sing ras ka diri kuring,
Sawangsulna diri Engkang,
Hareueus (?) marérang baé,
Nu anggeus hayangeun deui,
Paseuk besi dina kayu,
Tatapi lamun akuwan,
Nya pikir pangumbah urang,
Mun teu isin moal neundeun perjanjian.

13.

Nyiruan genténg cangkéngna,
Masing mindeng pulang anting,
Ti dayeuh ka kebon kembang,
Unjuk sumangga Nyi Putri,
Bari sisindiran putri,
Rahadén Ahmad nya kitu,
Mulihna ka kebon kembang,
Jeung Wirasentika deui,
Teu dicatur anu sumping ka Nyi randa.

14.

Ganti taun anu kocap,
Nyarioskeun Sultan Mesir,
Sir Maha Sultan Muhammad,
// enggeus mulih Enéng putri,       (110)
Bade rék perang pati,
Sarengna Radén Panghulu,
Ngantosan per Ponggawa,
Anu rék béla ka putri,