Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/218

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
219
 

Hanteu aya prihatin Datuk Bendara.

15.

Maha Sultan seug ngandika,
Nya éta ka Panghulu Mesir,
Ayana mamang Bendara,
Perkawis Enéng putri,
Lamun iyeu di Mesir,
Geus euweuh jago anu sanggup,
Leuwih hade sayembara,
Sayembara ka sanés nagri,
Saha-saha anu meunangkeun Siti Bagdad.

16.

Éta pikeun carogéna,
Ngawalon Panghulu Mesir,
Sumuhun ngiring sadawuhan,
Kumah kersa Gusti,
Ponggawa anu ngaruping,
Campur jeung isin ku ratu,
Barangna eukeur guneman,
Torojol Rahadén Putri,
Ngadeuheusan ka eukeur berhimpun.

17.

Sakabéh geus pada ningal,
Sami bengong naringali,
Sultan Mesir kagét pisan,
Geuning iyeu Radén putri,
Barang rét Panghulu Mesir,
Ngarontok ka putri rusuh,
Nyupu emas anak mama,
Bukur (sic!) Nyai anu geulis,
Bagja mama patepang deui jeung mama.

18.

Mangga Gusti geura pariksa,
Mamang hayang geura nguping,
Anu ngabélaan agan,