Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/219

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
220
 

Énggal baé Sultan Mesir,
Hé Nyai agan putri,
Duker Engkang suka kalbu,
Ayeuna Engkang rék nanya,
Saha nu béla ka Nyai,
Urang mana ratu atawa ponggawa.

19.

Cedok nyembah Siti Bagdad,
Matur ka paduka Gusti,
Sumuhun dawuh jeung Sultan,
Taya nu béla ka abdi,
Margi abdi bias balik,
Kersaning Alloh Nu Agung,
Tina banget hanteu betah,
Sim abdi aya di Habsi,
Siyang wengi neda-neda ka Pangeran.

20.

Ari dina hiji mangsa,
Eukeur saré jisim abdi,
Ari ras sim abdi gugah,
Bet ras aya di Mesi,
Gumujeng Sultan Mesir,
Kumaha mamang bet kitu,
Piunjuk Datuk Bendara,
Panginten dibawa ku jin,
Dawuh Sultan mamang leres kitu pisan.

21.

Sukur Enéng nu darajat,
Ponggawa mantra ngaruping,
Kaduhung henteu iyang,
Manahna ponggawa // mantra,       (111)
Lamun aing jadi indit,
Meureun di jalan patepang,
Saruwa jeung ngabélaan,