Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
23
 

 
Manawi ku bahan lega,
Nyimpen bujang tukang kuli,
Niyat Engkang nyanggakeun sembah panglamar.

5.

Katampi eujeung heunteuna,
Pun Kakang haying ngumping,
Mun katampa baé Kakang,
Ku Juwita nu asih,
Nya éta anu dipamrih,
Tambang beas nya maksad,
Kalaksanakeun paneda,
Sakitu yaktosna Nyai,
Coba Nyai Engkang parinan waleran.

6.

Kakuping ku Nyai Randa,
Sakalangkung lejar galih,
Sim kuring hatur waleran,
Sakalangkung tampa sari,
Lain lalaksa sim kuring,
Sim kuring mah jalma dusun,
Dagangan surot geureuhna,
Kapan seueur jero nagri,
Randa lenjang dikersakeun tambah suka.

7.

Saha nu teu hayang dunya,
Memang kabéh hayang sugih,
Kari-kari upamana,
Anjeun meunang istri geulis,
Tangtu téh suka ati,
iIstu seueur anu purun,
Sababna jadi Nangkoda,
Suwawonna menggah kuring istri,
Gunung arang papanggih jeung dunya.

8.

Sumuhun dipikapalay,