Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
24
 

Lebah diri jisim kuring,
Sanajan teu dipalayna,
Ari menggah diri kuring,
Kantenan bogoh téh teuing,
Salira Engkang bagus,
Keur anom jadi Nangkoda,
Taya dua di Habasi,
Turug-turug keur sugih téh wargi raja.


9.

Saupama manah akang,
Humarep ka jisim abdi,
Sarta mun lain ngadoja,
Ka nu miskin urang sisi,
Yaktosna beukas mesori,
Among rumaos geus sepuh,
Pinareup péot kapala, //
Urut ngipang jabang bayi,     (15)
Umur ogé geus téga jeung Nyi Juwita.

10.

Walon deui Ki Nangkoda,
Naha ku nu mana Nyai,
Pun Engkang lain ngadoja,
Wanton sumpah ka nu geulis,
Atuh jamuga ka Nyai,
Ulah salamet ka payun,
Malah lampah kaleresan,
Sakalian lamun cicing,
Pagétona urang salametkeun nikah.

11.

Nyai Randa ngawalonan,
Unjuk sumangga sim kuring,
Sartana mun kaleresan,
Pun Engkang téh ka sim kuring,