Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25
 

 
Gancangna anu digurit,
Geus pada balungbang timur,
Nyai Randa jeung Nangkoda,
Kawas raka reujeung rayi,
Tuang leueut saban wengi babarengan.

12.

Geus nyata hiji Pandita,
Kocapkeun isukan deui,
Nyi Randa seug unjukkan,
Ka éta Nangkoda Habsi,
Gaduh pinarah ka kuring,
Ka Engkang anu saéstu,
Man anték teuing manah,
Kana manuk jisim kuring,
Sayaktosna baris jongjon manah engkang.

13.

Nangkoda curinghak jawab,
Duh enung pujaning ati,
Éta anu sayaktosna,
Lain bogoh ngukuh teuing,
Nya éta ka manuk Nyai,
Saréhing éta kapungkur,
Aya sahiji budak,
Perkawis landing mengi,
Ubarna kudu ku manuk pancawarna.

14.

Anu gaduh ules éta,
Ngan ieu titiran Nyai,
Lamun kitu petana,
Ka Engkang sumeja ngiring,
Sumawon titiran deui,
Najan diri sim kuring nun,
Samangsa dawuh ayeuna,
Siangna kalawan wengi,