Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26
 

Anu kagungan salira Engkang pisan.

15.

Perkawis manuk titiran,
Mangga nyanggakeun ka rayi,
Nangkoda ngoréjat jawab,
Mangga geus pasrah mah Nyai,
Ayeuna arék dipeuncit,
Bari Nyai Randa dicium
Geus pasti ajal titiran
Margi tingal lambing sari, //
Enya éta beunangna ti bobogohan.   (16)

16.

Gancangna ayeuna Nangkoda,
Nyandak manuk pék dipeuncit,
Tuluy baé didudutan,
Buluna enggeus beresih,
Seug nyaur embanna sambali,
Miwarang dipanggang manuk,
Sarta meuleumna digang-gang,
Ulah dikusrukkeun teuing,
Kajeun lila supaya hadé gang-gangna.

17.

Seug diturut ku Nyi Emban,
Digang-gang digaring-garing,
Ari éta Ki Nangkoda,
Ka Nyi Randa ngajinah,
Dicandak kana katil,
Nyi Randa dicandak tidur,
Sabot ngantos manuk asak,
Kocap kurung manuk deui,
Guyan-gayun minangka katilar sukma.

18.

Rupa kurung éta kawat,
Beuki leutik-leutik,
Teu lami les deui musna,