Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
27
 

Sihoréng dibawa ku jin,
Sarta kurung salin rupi,
Jadi kawas kanjut suku,
Kurung kabawa maunat,
Jaga pagéto kapanggih,
Enya éta ku nu dahar manuk téa.

19.

Bakal mendak kaos jimat,
Diantara Nagri Mesir,
Sarta bakal bisa ngambah,
Ka madia gentang widati,
Sabab nu matak pasti,
Ta ayas mabur ka luhur,
Kurung gajah dinamangan,
Jeung bulu jangjangna deui,
Jadi hiji aya dina kaos téa.

20.

Kitu ceuk pancakakina,
Karamat nu hadapaksi,
Sigeugkeun kurung titiran,
Geus puguh dibawa jin,
Kacarios murangkalih,
Nya éta nu gaduh manuk,
Rahadén Ahmad Muhammad,
Di Pasantrénna eukeur ngaji,
Hiji mangsa datang ilapat teunangan.

21.

Eukeur kitu kawuwuhan,
Datang baé laleur putih,
Ngélingan ka Radén Ahmad,
Ka nu dua murangkalih,
Murangkalih barang nguping,
Sumedot rasaning kalbu,
Ka guruna teu amitan,