Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/221

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
222
 

Mun ayeuna mah disebutkeun kembang api,
Jeung ramé tuang inuman.

3.

Anggur berlan kalawan bir,
Kitu deui warna katuwangan,
Kocap Siti Bagdad Radén,
Hareudang kaliwat langkung,
Bayeungyang cikaringet bijil,
Siti Bagdad palay siram,
Mios ti kadaton,
Diiring ku para emban,
Para Nyai para ménak parameswari,
Atuh ngiring arék siram.

4.

Enggeus sumping ka taman Dén Putri,
Tuluy siram jeung percara,
Anu ngiring égang kabéh,
Teu lami siram geus putus,
Gancang nganggo deui putri,
Anggon enggeus sadiya,
Nu ngiring teu pungkur,
Bral deui angkat ti taman,
Mulih ngebak bareng sadaya keur mulih,
Sumping aya gara-gara.

5.

Ting arohék sadaya nu ngiring,
Bau hapeuk jeung bau babatang,
Pada nyebut bau naon,
Barang eukeur géhgér kitu,
Torojol buta ngaringking,
Pada kagét sadayana,
Tinggarebut labut (sic!),
Buta néwak Siti Bagdad,
Geus dibawa Dén putri ngajerit nangis,