Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/222

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
223
 

Para garwa // ting kocéak céyak (?).             (112)

6.

Geus kabur buta kaya paksi,
Mawa putri ting kocéak,
Para mantra pada bengong,
Para ratu geus ngadangu,
Ngijabna pating jarerit,
Geus rabul ti padaleman,
Sumawonna Panghulu,
Mariksa ka para Ponggawa,
Iyeu naon ay asana (sic!) géhgér ceurik,
Para gara (sic!) pada unjukan.

7.

Nun sumuhun tiwas abi putri,
Siti Bagdad dipaling ku buta,
Ka awang-awang ngalesar,
Datuk Bendara ngadangu,
Rumpuyuk lanuh teu éling,
Ku sadaya diraponan,
Ratu Mesir nyaur,
Masing éling baé mamang,
Dikumaha geus milik agan putri,
(...) dipaling keur naas.

8.

Pangga (sic!) baé ayeuna urang badami,
Dén Panghulu ras éling geus gagah,
Maca istigfar tawalu,
Énggal sadaya kumpul,
Para ratu ponggawa mantra,
Sadawuh para ponggawa,
Réyang ting salegruk,
Geus puguh abuna agan,
Réyang nangis perkana (?) rawuh meswari,
Sediya sira Maha Sultan.