Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/223

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
224
 
9.

Seug ngadawuh alo ulah nangis,
Anggur neda ka Pangeran,
Mugi ka Yang Manon,
Siti Bagdad sing rahayu,
Mugi masing dongkap deui,
Cara anu geus katukang,
Pitulung nu makbul,
Ti Habsi dating sorangan,
Para garwa jep jempé teu nararangis,
Ngupingkeun piwuruk Sultan.

10.

Sultan Mesir seug ngalahir deui,
Hé sadaya para Ponggawa,
Para mantra aya sakabéh,
Anu teu pilih sebut,
Radén emas atawa kuring,
Pendékna teu pilih jalma,
Saha anu sanggup,
Ayeuna urang sembara,
Saha nu meunangkeun Nyi putri,
Éta nu dipaling buta.

11.

Enggeus tangtu jodona Dén putri,
Jadina wawakil Sultan,
Senapatina kadaton,
Tah sembarakula kitu,
Ayeuna wani teu wani,
Kaula maréntah jawan (sic!),
Pék kabéh malatur,
Mantra ponggawa sadaya,
Seja ngiring satimbalan kangjeng Gusti,
Nyuhunkeun jiad jeung Sultan.

12.

Ka buta mah kabéh pada wani,