Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/224

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
225
 

Rampag galung para ponggawa,
Énggalna seug nabeuh bendé,
Tanggara ngumpulkeun batur,
// gancangna anu didurit,         (113)
Geus kumpul wadiya balad,
Sakabéh sedadu,
Sadaya para ponggawa,
Bedal tumbak pedang sanjata jamparing,
Pélor ranté pélor waja.


13.

Ménak-ménak di Mesir teu kari,
Pada riyab kabéh ngepung buta,
Dur mariyem pék terompét,
Turuktur sora tambur,
Ngajugjug ka Gunung Mesir,
Kabéh balad pada iyang,
Ka Gunung geus cunduk,
Disaksrak di leuweung éta,
Beurang peuting ngideran di Gunung Mesir,
Tunda nu néangan buta.

14.

Kacaturkeun kangjeng Sultan Mesir,
Eukeur lumuguh sadayana raja,
Datuk Bendara seug naros,
Pun mamang gaduh piunjuk,
Upama éta Dén putri,
Kenging sarta kenging buta,
Pun mamang rék kaul,
Upama jadi rebutan,
Marebutkeun lantaran ti Nyai putri,
Upama jadi peparan.

15.

Kaulanun mamang ngaju jurit,