Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/225

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
226
 

Moal nyaah ka lambung di medan,
Sakitu kaul mamang téh,
Sang Datuk amit jeung mundur,
Ti dinya tuluy ka masjid,
Seug tirakat neda duwa,
Anak sing katimu,
Siyang wengi Datuk Bendara,
Hanteu mulih tirakat waé di masjid,
Hanteu leueut hanteu tuang.


16.

Tepung nyingkur lilana di masjid,
Sakalangkung tambah panyawatna,
Hiji mangsa seug nyangkéré,
Di masjid ngarabang tunduh,
Dug kulem terus jeung ngimpi,
Nu kaimpi Siti Bagdad,
Kapendak keur ngalayung,
Di Karangkkamulyan dinya,
Randa diiring ku para nyai,
Sarawuh jwung nyi randa.

17.

Barang éling Sang Panghulu Mesir,
Énggal gugah tuluy baé angkat,
Ka garwana cacarios,
Sareng garwa enggeus tepang,
Kasampak garwa keur nangis,
Nangisan nyi agan Bagdad,
Sang panghulu nyaur,
Montong nangis garwa Engkang,
Anggur hayu nglilipur pikir,
Pelesir ka kebon kembang.

18.

Jeung Engkang téh nyai tadi ngimpi,