Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/226

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
227
 

Siti Bagdad aya di Sawareun (?),
Coba urang téang baé,
Garwana ngoréjat nyatur,
Mangga atuh kuring ngiring,
Teu lami deui waktuna,
// geus mios ti kaum,             (114)
Ngabujeng ka kebon kembang,
Sareng garwa ka kebon eunggeus sumping,
Kasmaran nu boga manah.


XXXVII. Asmarandana

1.

Kocap Nyi randa ningali,

Kagét ningal rama agan,
Geuwat nyandak amparan,
Alketip eunggeus dipasang,
Datuk Bendara geus lenggah,
Jeung garwa Nyi Panghulu,
Wiramaya Wirasentika.

2.

Seg nyingkir linggih ka sisi,
Isin ku datuk Bendara,
Calik barina jeung mando,
Ngan Ahmad anu teu aya,
Harita eukeur ka jamban,
Nyi randa seug hatur sukur,
Lemareun eujeung sesepeun.

3.

Geus baktos lemareun calik (?),
Ngadeuheusan jeung Sumingkar,
Depa jeung bari marando,
Panghulu turun cisoca,
Sarawuh éta garwana,