Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/227

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
228
 

Ningali Sumingkar wuwah,
Kasuat ku Siti Bagdad.

4.

Nyi randa kabet (?) ngalahir,
Duh Gusti juragan hamba,
Sim abdi gaduh pitaros,
Gusti abdi kagét ningal,
Éta pasemon gamparan,
Kawas anu banget nganluh,
Jisim abdi hoyong terang.


5.

Sakalangkung pikir risi,
Kumaha marga gamparan,
Numawi kersa miyos,
Sim abdi pasihan terang,
Énggal sang datuk Bendara,
Nayi randa ngadawuh,
Hé Nyi randa tukang kembang.

6.

Nu matak dongkap téh kami,
Sugan aya Siti Bagdad,
Ku kami tadi kaimpén,
Aya di iyeu pisan,
Ari éta agan Bagdad,
Nu matak disusul,
Sababna dipaling buta.

7.

Kami katalanjung pikir,
Kaimpi gé atoh pisan,
Nyi randa bareng nguping téh,
Ngaranjug ngupingkeun warta,
Aduh Gusti geura agan,
Sugan témah henteu kitu,
Ku tata leungit deui agan.