Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/232

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
233
 

Sungguh kastriya gagah,
Ama haying geura dangu,
Pong (sic!) Ujang sing sanggup,

26.

Radén Ahmad mature warti,
Unjuk sumangga timbalan,
Sanggeus nguping Panghulu téh,
Suka manah sareng garwa,
Ayeuna téh arék mulang,
Bade unjukan ka ratu,
Ama kantor di nagara.

27.

Énggal Panghulu Mesir,
Seug nangkep tangan jeung Ahmad,
Geus nangkep tangan seug miyos,
Bara sambung pangdu’a,
Geus jengkar Datuk Bendara,
Kocap Ahmad anu kantun,
Seug nyaur Wiramaya.

28.

Cing kakang urang badmi,
Di mana enggonna buta,
Wiramaya seug ngawalon,
Sumuhun dawuh gamparan,
Perkawis enggonna buta,
Di Gunung Habsi urang // susul,     (117)
Hawatos ku Siti Bagdad.

29.

Gancangna anu digurit,
Rap dangdan Rahadén Ahmad,
Nyandak kuluk sareng éndong,
Wiramaya jeung Sentika,
Nganggo kaos duwanana,
Kuda samparani rawuh,
Kinanti Radén geus jengkar.