Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/233

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
234
 

XXXVIII. Kinanti

1.

Sumangga gancang canatur,
Di jalan teu digurit,
Wiramaya Wirasentika,
Ngbeng kuda semparani,
Angkat ngambah wadiya gancang,

2.

Sumiripit bareng angin.
Dibujeng angkat nu rusuh,
Kacaturkeun enggeus sumping,
Wiramaya Wirsentika,
Sarawuh adén raspati,
Geus sumping ka gunung Habsah,
Seja ngilari Dén putri.

3.

Sok tunda Radén di gunung,
Nu keur nayangan (sic!) Dén putri,
Ganti deui anu kocap,
Dina pinggir gunung Habsi,
Aya hiji guha,
Eusina duwa putri.

4.

Keur nangis pating salegruk,
Sasambatna melas-melis,