Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/235

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
236
 

Aya pikeun nganti-nganti.

8.

Nu kauntup yasa nyusul,
Ti dayeuh nagri Mesir,
Ari seug diri aceuk mah,
Geus taya antupan (sic!) teuing,
Di dayeuh Sumantapura,
Taya satria nu lantip.

9.

Ngan aceuk gaduh piunjuk,
Bok bilih aya nu asih,
Nulungan ka ayi pisan,
Ti dayeuh kudu dicandak,
Pikeun rencang gandék kuring.

10.

Lumayan keu gandek Ratu,
Purah ngala-ngala cai,
// piembaneun Siti Bagdad,
Diri aceuk suka ati,
Siti Bagdad tambah welas,
Ngupingkeun Ratna komala.

11.

Keur ngangluh katambah wuwuh,
Hawatos ka Ratna putri,
Siti Bagdad sasauran,