Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/236

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
237
 

Hé aceuk Ratna Komala,
Banton baba (?) neneda,
Mun ayi anggeus lastri.

12.

Aya kadar anu nulung,
Mola kantun aceuk putri,
Karana pada sangsara,
Sasapait samamanis,
Nuhun ceuk Ratna Komala,
Mugi-mugi ayi putri.

13.

Masing énggal anu nulung,
Barang eukeur gunem warti,
Norojol Rahadén Ahmad,
Jeung Wirasentika deui,
Katilu Wiramaya,
Nempo ka guha ningali.

14.

Siti Bagdad seung ngaranjung,
Nangis bari suka ati,
Duh gusti manutan tingwang (?),
Geuwat engkang ayeu na kuring,
Liwat langkung kateu betah,
Mangga geura candak kuing.