Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/243

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
244
 

Ulah sok ngadua kali.

11.

Buta hiji jadi opat,
Sakali gé kitu moal burung mati,
Dén Ahmad kagét ngadangu,
Barang eukeur saurna,
Opat buta calawak sungutna muru,
Dék ngégél ka Radén Ahmad,
Wiramaya nyabut keris.

12.

Barang rék kop Radén Ahmad,
Jol ditejek ku Wiramaya sakali,
Buta ngajengkang ngagebrug,
Datang deui tilu buta,
Ku Dén Ahmad dipukul deui ku pecut,
Kaopat anu ku keris.


13.

Pada ngomong opat buta,
Ménta-ménta dipindo (?) lagi,
Hayang bangsat lagi dipukul,
Dijawab ku Wiramaya,
Moal enya sia téh dipindo mukul,
Sakali gé sia modar,
Moal dipindo ku aing.

14.

Teu lila deui waktuna,
Opat buta sakarat pada marati,
Radén Ahmad mindo nyaur,
Cing kumaha ayeuna kakang,
Wiréh aya opat buta enggeus tumpur,