Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/244

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
245
 

Kang rayi neda pirempug,
Wiramaya matur tadim,

15.

Raos abdi ieu buta,
Kedah bantun hiji buta eukeur bukti,
Amung huluna dibantun,
Gancang baé Wiramaya seug ngabantun,
Geus diteukteuk hulu buta,
Wiramaya matur deui.

16.

Ayeuna Radén sumangga,
Geura angkat (?) baé Kangjeng Gusti,
Abdi anu tanggung hulu,
Ngan itu Wira Sentika,
Sina ka dieu pikeun layan gotong hulu,
Saur Radén // Ahmad sumangga,
Geus mios dék ngobeng putri.       (121)

17.

Teu lami deui waktuna,
Wira Sentika geus dongkap mawa tali,
Gancang didangdanan hulu,
Barangna enggeus sadia,
Rap digotong ku duaan éta hulu,
Wiramaya jeung Sentika,
Pada tunggang kaor jin.

18.

Geus angkat ka Madya Gantang,
Nanggung hulu Dén Ahmad ngobeng putri,
Sigeug nu nanggung hulu,
Mangsana eukeur di jalan,
Ganti kocap nyarioskeun Kangjeng Ratu,
Mangsana keur berhimpun,
Maha Raja Sultan Mesir.

19.

Sareng sadayana Raja,
Sumawonna Sang Datuk Bendara deui,