Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/245

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
246
 

Mentri Ponggawa manggul,
Jeung sakabéh para raja,
Karék dongkap pulang ngarayah ka gunung,
Sadaya pada unjukan,
Ponggawa rawuh para mentri.

20.

Réhing buta hanteu aya,
Sareng deui agan putri teu kapanggih,
Disarak ka unggal gunung,
Leuweung alas Bandawasa,
Geus diubek lebah jero lamping gunung,
Nu mawi énggal mulang,
Supados Gusti ningali.

21.

éta kangjeng Mesir Sultan,
Barang enggeus midanget ponggawa mentri,
Sakedap Sultan melepud,
Hawatos ka Siti Bagdad,
Sareng ningal ramana putri Sang Datuk,
Datuk Bendara ningalna,
Kana ngangluhan Sang Mesir.

22.

Datuk Bendara miunjuk,
Aduh Gusti kang rama unjuk ningali,
Perkawis Gusti nu ngangluh,
Ku kang rama geus kacipta,
Amung Gusti ulah tuluy jadi ngangluh,
Karana ayeuna rama,
Pitulung bet teteg galih.

23.

Perkara Siti Bagdad,
Geus tinangtu aya pitulungna pasti,
(?) pinunjul,
Anak rama tapi éta anak gugup,
Samalah waktu ka tukang,