Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/246

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
247
 

Binasa dipaling ku hasib.

24.

Enya eta nu nulungan,
Hanteu sotéh geus ngadeuheus ka Gusti,
Ma’lum wantu urang gunung,
Hanteu nyaho saembara,
Nyahona bubuhan juragan wungkul,
(?) éta (?) béla,
Jurungan indungna asih.

25.

Wantuning juraganana Sultan,
Mesir mideuheus ngageubeug galih,
Babu-babu Ahmad kitu,
Kasuat ku sadérékna //,
Cisocana Sultan murubut jeung nyaur,       (122)
Hayang teuing putra terang,
Anakna Nyi randa Mesir.

26.

Muga-muga geura dongkap,
Jeung kumaha putra Ahmad putra Mesir,
Hayang téh putra téh sapatut,
Jeung dulur kuring diaku dulur,
Piunjuk Datuk Bendara,
Kumaha engké baé Gusti.

27.

Uninga upama dongkap,
Para ponggawa para mentri pada nguping,
Hookeun anu ngadangu,
Sok hayang nyaho buktina,
Saupama engké ari enggeus cunduk,
Kumaha dedeganana,
Najan malundur perjurit.
Kumaha dedeganana,
Najan malundur perjurit.

XXXIX. Durma