Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/248

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
249
 

Énggal baé Radén Ahmad,
Énggal baé hulu buta,
Gebut geus rag-rag,
Ka Mesir lamun ayeuna,
Tengah alun-alun Mesir.

6.

Geus dilésotkeun ti luhur ka handap,
Jegur ka alun-alun indit,
Palebah jalma loba,
Kagét ningal jalma loba,
Katingal bangetna sidik,
Géhgér sadaya,
Ting baruta sami nyingkir.

7.

Ting baruta buta, buta hiling ngudag,
Nu teu nénjo kabéh nyingkir,
Sumawonna anu ningal,
Bungbeng sieun pada // lumpat,
Silih dupak geus pabuis,           (123)
Nu lumpat anu kairik.


8.

Ting garuprak pada nalulakan,
Nu ka kolong nyumput buni,
Aya nu nyumput ka para,
Bakating ku sieun buta,
Loba budak nu kairik,
(?) teu dirawat,
Ngurus awakna pirbadi.

9.

Para ratu sarawuh para ponggawa,
Sumawonna Sultan Mesir,
Pada ngadeg sadayana,
Nguping géhgér buta,
Gancang ngutus Sultan Mesir,