Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/249

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
250
 

Sidikeun heula,
Dén patih Anggada gasik.

10.

Nyandak tumbak barina nyungkelang pedang,
Ngaréndéng jeung Sultan Mesir,
Diiringkeun para ponggawa,
Pasang barispara ponggawa,
Aya ponggawa sahiji,
Putrana Demang,
Cukah-cikih bari wani.

11.

Kakasihna jenenganana Wijana,
Tung ka hareup tung ka kiri,
Geus ka hareup geus tung ka tukang,
Jauh wani deukeut ngejat,
Bari camangmang cimingming,
Ceuk putra Sam,
Wijaya Sutiya putri.

12.

Buta kuring gedeg teu meunang ditingal,
Kawas nu weureu perjurit,
Ngajawab niti Wicana,
Lu perduli apa,
Mémang guwé téh sendiri,
Besar hatinya,
Wijaya Sutiya muni.

13.

Mun wani gé moal bet mundur ka tukang,
Ceuk Wijana apan ngintip,
Tuh masang sinapan,
Kocap Rahadén Patya,
Sareng éta Demang Mesir,
Bet ngan huluan,
Disidikkeun ku Dén patih.

14.

Geus pértéla awakna mah hanteu aya,