Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/250

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
251
 

Kagét manah Radén patih,
Sarawuh para ponggawa,
Bet hulu buta ti mana,
Géhgér para perjurit,
Yén hulu buta,
Éta buta paéh sidik.

15.

Buta sidik paéh sarta kari huluna,
Patih unjukan ka Gusti,
Geus sumping ka Kangjeng Sultan,
Énggal jeung Sultan ngandika,
Kuma ka patih Anggadi,
Tétéla buta,
Patih unjukan ka Gusti.

16.

Nun sumuhun leres pisan hulu buta,
Amung najan huluna Gusti,
Teu aya awakna,
Jisim abdi helok pisan,
Kakuping ku Sultan Mesir,
Mesem ngandika,
Naros ka Panghulu Mesir.

17.

Teu kumaha mamang éta hulu buta,
Bet huluna ti mandi //,
Énggal Datuk Bendara,           (124)
Ngajawab periksa Sultan,
Sumuhun periksa Gusti,
Perkara buta,
Huluna éta nu tinding.

18.

Raos mamang manawi éta pun Ahmad,
Nandakeun buta geus nguping,
Diiberan ku huluna,
Jeung buktina buta éta,