Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/252

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
253
 
4.

Saurna Datuk Bendara,
Antos baé para Gusti,
Raja Erum Mekah jeung Sam,
Sami hoyong naringali,
Lieuk deui-lieuk deui,
Geus uninga nyi panghulu,
Nu baris nerangkeun Ahmad,
Ka sakabeh para bupati,
Nyerang eukeur guneman sadyana.

5.

Norojol Dén Wiramaya,
Jeung Wira Santika deui,
Barang kabeh para raja,
Datuk Bendara ngalahir,
Tuh geuning gandekna bijil,
Itu dia sidik tangtu,
Jeung sultan jeung para raja,
Naros ka panghulu Mesir,
Ku Dén Ahmad boga gandek sadia.


6.

Panghulu Mesir ngandika,
Sumuhun dawuhna gusti,
Pan éta gandék talukan,
Perjurit urang Hasbih,
Beuki kagét urang Mésir,
Barang eukeur nyaur kitu,
Sapungkureun Wiramaya,
Jol sumping ka // dua putri,
Sapengkereun dua putri Radén Ahmad,         (125)

7.

Jung sami ngadeg para raja,
Saur panghulu tuh geuning,
Pada sidik kabeh ningal,