Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/253

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
254
 

Pérépét pajeng Dén patih,
Sareng Radén damang deui,
Sor dipasang pajeng agung,
Radén Ahmad langkung mandep,
Isin dipajengan patih,
Radén damang majengan putri nu dua.

8.

Wiramaya Wira Santika,
Ngobéng Ahmad kanan kiri,
Bari gadag taya kagila,
Jeung mencrong ka urang Mesir,
Kumisna galing carentik,
Carengkat sabulu-bulu,
Ari éta Radén Ahmad,
Sumpoyong kalangkung isin,
Katojo cahya hibar pajeng kasultanan.

9.

Geus sumping ka payun Sultan,
Brek sami sadaya linggih,
Nyai putri Siti Bagdad,
Dikaléng ku ibu putri,
Seug nyaur bari jeung nangis,
Aduh geulis anak ibu,
Ibu henteu nyana tepang,
Amprok deui jeung nu geulis,
Sujud sukur aya nu béla ka agan.

10.

Keur kasép téh Radén Ahmad,
Béla ka nu prihatin,
Para mentri para ponggawa,
Ningali Ahmad sami sidik,
Bengong sadaya ningali,
Teu kapalang deui nyebut,
Eukeur kasép serta gagah,