Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/254

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
255
 

Kawuwuhan lungguh budi,
Mun di wayang lir Dananjaya.

11.

Sakabéh jalma nu ningal,
Pameget rawuh para istri,
Siloka tumingal tasma,
Teu pisan ngiceup saeutik,
Geus riuk saponon hiji,
Hookeun tacan ngaraku,
Rahadén Siti Bagdad,
Ganjaran sering dipaling,
Anu geulis kawuwuhan ku mustika.

12.

Kocap kanjeng Maha Sultan,
Nyaur selebeting galih,
Bari murubut cisocana,
Naha ieu jiga teuing,
Dulur aing anu leungit,
Turug-turug keur sapatut,
Kawuwuhan ngaran Ahmad,
Niscaya ieu ku aing,
Anak randa diaku dulur ayeuna.

13.

Sabab tangtu jadi tamba,
Ngalipurkeun dulur leungit,
Kitu deui Radén Ahmad,
Ningal rét deui rét deui,
Kana raray Sultan Mesir,
Nyaur salabeting kalbu,
Gaduh // manah samar-samar,
Kutan kieu Sultan Mesir,           (126)
Seug teuing dulur aing papisah.

14.

Kebat jeng Sultan mariksa,
Hei Ahmad jalu anaking,