Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/256

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
257
 

Geus putus putri jeung buta,
Amung akang nanya deui,
Ari manéh di mana nya rumah tangga.

18.

Najan karang panglayungan,
Lembur matuh anu sidik,
Jeung saha ibu rama,
Nya baligeusan ngajadi,
Di mana putra nya lahir,
Ibu rama kudu sebut,
Cédok nyembah Radén Ahmad,
Unjukan ka kangjeng gusti,
Seug didadar ditutur tina wiwitan.

19.

Abdi gusti lain pisan,
Saawitna abdi gusti,
Ti lembur Karang Karandan,
Kabawah ku tanah Habsi,
Pun biang Ratna Kosasih,
Amung rama Raja Jemur,
Bekas Sri Maharaja Sam,
Amung rama parantos mati,
Kantun ibu aya di Karang Patendan.

20.

Sultan Mesir sumarambah,
Tangis cisocana bijil,
Coba tuluykeun carita,
Naha bet aya di Mesir,
kumaha asal // satadi,
Ceuk Ahmad sumuhun dawuh,       (127)
Abdi nu jadi lantaran,
Saawit abdi keur ngahiji,
Sareng gaduh sahiji manuk titiran.

21.

Dipeuncit ku Ki Nangkoda,