Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/257

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
258
 

Taya pamit ka sim abdi,
Bubuhan nyaah ka barang,
Sakitu titiran mati,
Eukeur di ganggang papanggih,
Ku jisim abdi didahar,
Huluna anu kamilik,
Nu didahar ku pun lanceuk mah awakna.

22.

Lami-lami jadi pitnah,
Pada ngepung jisim abdi,
Perjurit balad Nangkoda,
Baris maéhan sim abdi,
Harita teu lami deui,
Jol ibu sim abdi mabur,
Sareng dulur abdi misah,
Papisah di Gunung Mesir,
Ngan pun lanceuk panginten dihakan gajah.

23.

Jisim abdi ka Tambiyan,
Sabab ka nagri Mesir,
Tetep di Karangkamulyan,
Diaku anak ku Ambi,
Sakalangkung dipiasih,
Soré isuk dahar nginum,
Sakitu abdi awitna,
Sultan Mesir bungah galih,
Gentos ainom kinanti kebat carita.

XXXXI. KINANTI

1.

Sultan Mesir seug miruruh,
Ku manéh sebutkeun deui,
Lanceuk manéh nu papisah,
Sebut ngaranna nu sidik,
Matur deui Radén Ahmad,