Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/259

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
260
 
7.

Segruk dipayunan ratu,         (128)
Sultan Mesir teu kawawi,
Rumpuyuk ngarontok Ahmad,
Sami ting salegruk nangis,
Sadaya geura darongkap,
Réa-réa nu kaéling.

8.

Sami pada ting rurangkul,
Aya sahiji popati,
Bupati Akmad Raja Sam,
Ngarangkul bari jeung nangis,
Aduh Radén alo mamang,
Kutan manéh Sultan Mesir.

9.

Teu nyana putra kang jemur,
Hey Jaya Sutiya mentri,
Akang manéh ieu Ujang,
Nu jadi Sultan di Mesir,
Nya ieu Ahmad Muhammad,
Ibuna Ratna Kosasih.


10.

Mamang ayeuna pihatur,
Dék nyanggakeun pancakaki,
Mamang téh sadérék mama,
Nu nuluykeun jadi ajir,
Di karaton nagara Sam,
Ahmad Muhammad geus nguping.

11.

Manéh ku dua ku tilu,
Suka pacampur jeung ketir,
Kedah patepang jeung raka,
Kawuwuhan Sultan Mesir,
Tepang jeung sadérék rama,
Leuwih langkung suka galih.