Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/260

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
261
 
12.

Kocap kabéh para ratu,
Geus puguh panghulu Mesir,
Anu keuna paribasa,
Tutup kudang suka ati,
Geus puguh Siti Bagdad,
Antukna bengong ningali.

13.

Teu puguh nya rasa kalbu,
Bakating ku suka ati,
Ramé catur para ponggawa,
Suka komo kanjeng gusti,
Gelarna nu nembé tepang,
Jejeg Wira Santika diri.

14.

Sakieu larepna kalbu,
Milu suka kelar pikir,
Kocap deui Radén Ahmad,
Barang Ratu Sultan Mesir,
Sami cengkat tina kelar,
Maca Alhamdulillah.


15.

Sukur sujud ka Yang Agung,
Urang ditepangkeun deui,
Jeung dulur sareung paman,
(?) sami pada calik,
Cengkat pada dina goyang,
Silih taros raka rayi.

16.

Rahadén Ahmad seug matur,
Hikayat lalaku tadi,
Lalaku anjeun keur paéh,
Yén jadi ratu Manjéti,
malah geus nilarkeun putra,
Di nagara pulo Manjeti.