Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/265

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
266
 

Geura barempug nyuat ka Sumanta,
Barang eukeur gunem raos,
Norojol sumping tatamu,
Gagah ningal Sultan Mesir,
Raja Kusumbar seug mando,
Sultan Mesir lungsur,
Mangga tatamu ngahormat,
Najan sareng tatamu Sumanta puri,
Ngan pertanda karajaan.

3.

Dilinggihkeun tatamu kana korsi,
Sing kusumbar lungguh dina goyang,
Sareng garwana ngaréndéng,
Ponggawa Mesir seug lungguh,
Ngadeuheus di handap linggih,
Sultan Mesir seug mariksa,
Ka raja tatamu,
Kang putra mah (?) pisan,
Seja // (?) saha panjenengan Aji,         (131)
Sareng karaton di mana.

4.

Para ratu Erum sareng Kudis,
Terang ogé Ratu Kusumbar,
Tapi henteu wantun naros,
Saya tacan aya dawuh,
Raja Kusumbar ngalahir,
Ka Sultan Mesir unjukan,
Mémang mawi cunduk,
Gaduh pitunjuk nu énggal,
Saawitna emang ni Sumanta (?),
Mamang gaduh hiji anak.

5.

Geus dipaling ku buta di nagri,
Di Sumanta geus ngadeg saembara,