Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/266

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
267
 

Ponggawa Mentri sakabéh,
Sakabéh geus weléh nyusul,
Cindekna henteu kapanggih,
Mawi mamang ngadeuheusan,
Seja neda pitulung,
Upami kénging ku putra,
Mamang pasrah nagara rawuh putri,
Bakating nyaah ka anak.

6.

Kang rama téh anak ngan sahiji,
Mawi nyaah ka sadayana,
Hilap parabu anom,
Sultan Mesir imut,
Nyaur seja ngiring,
Galih gusti malabur teuing,
Kang putra di Mesir,
Ngaranu jadi ratu bubujangan,
Ayeuna mah kang rama téh ka sim abdi,
Mangga baé ngawalian.


7.

Palakara putra endén putri,
Ayeuna geus moal burung meunang,
Putra téh tikahkeun baé,
Raja Kusumbar seug nyaur,
Mangga gusti Sultan Mesir,
Teu acan hartos rama mah,
Putra nyaur kitu,
Ger gumujeung sadayana,
Sang Kusumbar milu imut tacan ngarti,
Énggal sultan Muhammad.

8.

Seug wawarti sang Kusumbar puri,
Sayaktosna putra haturan,