Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/267

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
268
 

Perkara endén putri téh,
Dén Ratna Komala abu,
Geus kenging ku urang Mesir,
Malah putra rék nguninga,
Ayeuna béh cundukna,
Sukur pisan bagja putra,
Ayeuna mah malah putra agan putri,
Eungeus aya di kaputrén.

9.

Barang nguping putra enggeus kénging,
Sang Kusumbar barang geus tétéla,
Ngupingkeun Sultan Wira saur,
Ngoréjat bungah kalangkung,
Garwana keur pateng galih,
Geus waras dadak sakala,
Barina jeung nyaur //,
Mangga baé sultan putra,           (132)
Enya ogé heunteu acan kapanggih,
Ari eunggeus kamanah mah.


10.

Diri ibu rék nyaksian kawin,
Ger gumujeung sakabéh para raja,
Datuk Bendara ngawalon,
Nun sumangga baé atuh,
Urang ulah lami-lami,
Urang pada ngawalian,
Eujeung akang hayu,
Masem matur Sang Kusumbar,
Nun sumangga atuh ayeuna kang rayi,
Tikahkeun anak kaula.

11.

Ngaran baé Dén Komalawati,
Ka Radén Muhammad jeung Sultan,