Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/268

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
269
 

Maskawin anu tangtu sah,
Tilu rébu mangga unjuk,
Teu nganjuk bayar sakali,
Suka lakiannana,
Sang Komala atuh,
Ka Radén Sultan Muhammad,
Kitu deui nu disuhunkeun ku kuring,
Sareng telebkeun diteda.

12.

Geus parentul Dén Sumanta Puri,
Ngawalian putrana Dén Ratna,
Pék raja Datuk Bendara,
Prak ngawalian Dén Ayu,
Disaksian (?),
Sumawonna Radén halipah,
Sarat kaum kumpul,
Geus parantos ngawalian,
Prak tikahkeun nya éta sultan Mesir,
Kitu gé teu dikocap.


13.

Geus parantos Sultan Mesir kawin,
Radén Ahmad soré di harita,
Nikah ka Siti Bagdad téh,
Teu lami kawin geus putus,
Dur mariyem Sultan kawin,
Ipekahna geus diguar,
Sarat kaum kumpul,
Bari nyarapekan seupah,
Lambey beureum jeung sisig jeung tempé,
Duit kocap deui kaputren.

14.

Diwartosan salametan kawin,
Prak sadaya ganding jeung nyi besan,