Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/270

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
271
 

Jumlahna tilu ketip nu kasawér,
Sawaréh bus kana saku,
Anu nyawér cicing putri,
(?) sampéan pameget,
Dadak ngajejek endog elekan,
Nyai putri meupeuskeun jeung indit,
Sup ka jero jeung nulakan.

18.

Enya éta pantona ku putri,
Kitu deui para istri sadaya,
Di jero kaputren kabéh,
Pangantén istri geus lungguh,
Di lebah panto kaputren,
Nongton jodo harita,
Lebah lawang panto,
Mapagkeun sumping ka lawang panto,
Pageuh digedrukeun lawang puri,
Pangantén istri mariksa.

19.

Saha ieu anu kumawani,
Ngetrok lawang jin atawa manusa,
Mun manusa arék naon,
Poma éta ulah kitu,
Coba manéh kabar yakin,
Ulah rék sakama-kama,
Teu aya,
Torojog tampa larapan,
Mun satuhu manusa sumangga (?),
Coba anu ngetrok lawang.

20.

Aduh Nyai pupujaning ati,
Nyawa engkang jungjunan nu éndah,
Teu kirang resmi kadatangan,
Ieu engkang (?) cunduk,