Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/271

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
272
 

Mentas nikah maduresmi,
Anu sah ngabedah lawang,
Engkang téh pamitsuna,
Ulah rék disaha-saha,
Ulah samar enggon-enggon Déwi suci,
Buat Enéng lawang rasa.

21.

Putri jawab baeu banget gusti,
Tina yaktos isin kodar najana,
Sawios taya nyarios,
Pantona nu nembé cunduk,
Haturan nu geus lastari,
Nu sah ngamebah mandu sara,
Jebrod dibuka panto,
Pernah banya misah hutang,
Bongan tegal tempatna Sekarwangi,
Dibedah katut ongkosna.



XXXXIII. Asmarandana

1.

// Geus lebet sadaya linggih,           (134)
Rahadén Ahmad Muahammad,
Sareng perbupati kabéh,
Papatih para ponggawa,
(?) amengan,
Geus pameng cikopi saku ngaliud,
Kocapkeun Datuk Bendara.

2.

Carita nu tacan linggih,
Seug nyarios jeung garwana,
Nyai engkang hatur wartos,
Ieu tamu ti Sumanta,