Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/275

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
276
 

Di nagri Manjéti matur,
Tatapi tetep jeung akang.

16.

Kitu saur Sultan Mesir,
Ulah pisah jadi raja,
Paéh hirup paripaos,
Jeung dulur teu panasaran,
Kitu gé lamun kénging nawar,
Ka gusti nu Maha Agung,
Jadi saéna ingbanglaga.

17.

Hulubalang nagri Mesir,
Bupati Ahmad Manjesir,
Mawi kitu jenengan téh,
Nu matak nganggo manjusar,
Basa manjur téa merak,
Papada rakana ratu,
Didamel kukuncungan Sultan.

18.

Sadaya Mesir geus nguping,
Tambah suka bungah manah,
Énggalna ieu carios,
Geus tetep Ahmad di dinya,
Sinigeug gentos carita,
Nyarioskeun nu kapungkur,
Nangkoda // eujeung pandita.

19.

Harita di dayeuh Habsi,               (136)
Keur pada-pada bicara,
Nangkoda jeung patih téa,
Keur mangsa dibuka landrat,
Pateueus teuas panduna,
Ku sabab nangkoda sanggup,
Uwang dua rayu dirham.

20.

Putus landrat ti Habsi,