Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/276

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
277
 

Nangkoda nu geus ditigas,
Jadi kdu mére baé urang,
Dua rébu dirham,
Enya éta ka pandita,
Awéwé sikutu da di hulu,
(?) sakitu jadi hutang.

21.

Nu sanggup wénang di tagih,
Nu ngahutang wenang mayar,
Pun nangkoda da weléh baé,
Piunjukna mangga mayar,
Karana olahanana,
Lamun malik éta manuk,
Mayar dua rébu dirham.

22.

Jawabna pandita Habsi,
Apan manuk geus katampa,
Gening ku andika bareto,
Enggeus di peuncit titiran,
Parandena milik andika,
Ceuk nangkoda teu kapulung,
Apan manuk kari ngugeusan.

23.

Ceuk pandita kajeun teuing,
Sanajan manuk dibangsat,
Coba pikir masing asak,
Da geus ditampa sampéan,
Bongan sampéan balangah,
Persanggupan téa kudu,
Ayeuna ka dieu bayar.

24.

Ngajawab nangkoda Habsi,
Teu rumaos boga hutang,
Na urang téh hutang naon,
Teu nganjuk teu nambut barang,