Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29
 

Harita teu antaparah,
Dijéwang ku murangkalih,
Rahadén Ahmad pandeuri,
Rahadén Muhammad ti payun,
Manuk kengeng ku Muhammad,
Ku Ahmad direbut deui,
Anu beunang sirahna ku Radén Ahmad.

26.

Awakna ku Radén Muhammad,
Ibuna ngarebut nangis,
Teu beunang ti Dén Muhammad,
Bérébét pada ngabecir,
Radén Ahmad kitu deui,
Ti Kerendan pada kabur,
Ibuna geus tanpa polah,
Kebat Radén Ahmad deui,
Hulu manuk dituang ku Radén Ahmad.

27.

Barang bus kana bahamna,
Hulu manuk tampa lebih,
Ngamakam di uwung-uwung,
Tegesna uwu pipi,
Wana geus taya kapikir,
Sanggeus tuang hulu manuk,
Jeung wirasat Radén Ahmad,
Asa beunghar loba rijki,
Anu tuwang awak manuk jeung jangjangna.

28.

Séép ku Radén Muhammad,
Meni wareg kana peujit,
Sanggeus tuwang manuk téya,
Wirasat lebeting galih,
Asa nu jadi Bupati,
Manah lebar ngawuh,