Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30
 

Kebat kocapkeun carita,
Ka pasantrén pada sumping,
Tuluy marek ka payuneun Éyang pandita.

29.

Pandita énggal mariksa,
Nya éta ka murangkalih,
Ti marana téya Ujang,
Cedok sembah murangkalih,
Sumuhun bebendu galih,
Saawitna gaduh manah,
Seug ditutur ku Dén Ahmad,
Ti awal dongkap ka ahir,
Sang Pandita ngaranjug ngadangu warta.

30.

Lamun kitu éta Ujang,
Singkahan éta balai,
Wayahna // baé ku Éyang,     (18)
Ayeuna dijurung indit,
Didungakeun sing lastari,
Di Markina sing rahayu,
Ujang bakal mendak marga,
Marga lantaran prihatin,
Enggeus kitu tangtu bagéan Ujang.

31.

Ujang teu ichmahpud ujang,
Dihin pinasti anyar panggih,
Teu saé lampah diwejang,
Murangkalih matur tadim,
Munjungan bari jeung amit,
Neda jiad Éyang guru,
Insya Allah ceuk Pandita,
Kebat mios murangkalih,
Ti pasantrén geus kapungkur lalampahan.

V. Pungkur