Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31
 
1.

Seug catur anu angkat,
Enggeus nyorang kana alas gunung Mesir,
Sigeug murangkalih anu kabur,
Kacaturkeun Ki Nangkoda,
Enggeus gugah barang gugah manuk lapur,
Sakabéh koki unjukan,
Nyata Ki Nangkoda Habsi.

2.

Nyatana éta Ahmad Muhammad,
Nu ngarebut manuk nu digaring-garing,
Waktuna yén nyokot manuk,
Henteu katawis datangna,
Top dicokot dihuapkeun éta manuk,
Barang direbut geus béak,
Jalmana lumpat ngacir.

3.

Hingga ibuna Nyi Randa,
Sakalangkung lumpat-lampit ngusir ngacir,
Tapi lapur teu kasusul,
Barang nguping Ki Nangkoda,
Sakalangkung per ngadegdeg napsu nguwung
Ambek ka Ahmad Muhammad,
Aing henteu suka teuing.

4.

Nangkoda teu lila dinya,
Énggal baé ngadeuheus ka Raja Habsi,
Di jalan henteu dicatur,
Kocapkeun sumping ka Raja,
Ki Nangkoda nyondong Raja keur berhimpun
Dideuheusan ku sadaya,
Pangkat aria papatih.

5.

Raja Habsi aningali,
Ka Nangkoda énggal dicandak linggih,
Sami dina korsi lungguh,