Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32
 

Papada jadi Nangkoda,
Raja Habsi ka Nangkoda kapisepuh,
Jadi sadérék ramana,
Perenah paman Raja Habsi.

6.

Raja Habsi seug mariksa,
Kawas naon paman kawas ngangres teuing,
Katingal pasemon ngangluh,
Sumangga geura unjukkan,
Ki Nangkoda gancang piunjuk rusuh,
Nu mawi marga pun paman
Kapan duka dampal Gusti.

7.

Tina langkung henteu suka,
Diri paman // dirampog banda jeung pati,   (19)
Enggeus puguh anu lapur,
Manuk hargana salaksa,
Naming diri anu henteu kungsi lapur,
Ari nu jadi barandar,
Nalaktak diajar telik.

8.

Nu ngaran Ahmad Muhammad,
Budak dua sakalangkung matak risi,
Loba jalma anu mampus,
Jalma paéh benda beunang,
Unggal poé pagawéanana kitu,
Héran pisan ku gamparan,
Nu kitu diantep teuing.

9.

Kawas kurang ku misian,
Tur Gusti téh di Habsi Raja sugih,
Balad-balad para Ratu,
Mung telik pangindar jaya,
Teu kapendak ponggawa mantra kumendur,
Kawas anu mata peda,