Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33
 

Ngeunah teuing di Nagari.

10.

Ayeuna banget teu suka,
Pun mamang téh pun Ahmad lamun teu kapanggih,
Jeung Raja kaget ngadangu,
Nimbalan ka para ponggawa,
Geura tangkep ulah bet dibawa hirup,
Nu ngaran Ahmad Muhammad,
Beuheungna kadieu jingjing.


11.

Éta dimana ayana,
Ki Nangkoda unjukan ka Raja Habsi,
Pituduh pandita nujum,
Ka Gunung Mesir nu kaburna,
Tina sabab ngambeu maéhan téh kabur,
Raja Habsi ngandika,
Nya éta ka palajurit.

12.

Tina henteu kakirangan,
Raja Habsi kadua perjurit,
Jenenganana disebut,
Wiramaya Wirasetik,
Wiramaya naha manéh bongoh puguh,
Aya nu telik pangindar,
Kapalingan teu kapanggih.

13.

Piunjukan Wiramaya,
Duka Gusti ari pangraos sim abdi,
Teu sawios-wios mulus,
Kitu deui tina éta,
Nu unjukan perkawis pangindar puguh,
Sumangga gancang ariang,
Kudu papag parajurit.

14.

Ngepung pun Ahmad Muhammad,